B. Daerah

Pertanyaan

ringkasan cerita Jonggrang kalapitung pakai bahasa Sunda

1 Jawaban

  • Carita Jonggrang Kalapitung

    Di hiji mangsa nu geus kaliwat pisan dina mangsana dedemit loba keneh nu marakayangan, hirup hiji buta nu kacida gedena tur dipikasieun ku sakabeh jalma nu aya didinya. Eta buta katelah ngaranna Jonggrang Kalapitung. Manehna hirup di wewengkon Purwakarta ayeuna, baheula mah eta teh ngan leuweung geledegan.

    Hiji mangsa ieu buta aya kahayang rek nguseup di walungan. Manehna menta dipangnyieunkeun jeujeur ka jelema nu aya di kampung. Nya atuh ditedunan ku kabeh jelema didinya da sieun dihakan atah tea.

    Barang geus jadi nya tuluy weh si buta eta nguseup dina walungan Citarum. Manehna nangtung bari hiji suku nincak gunung nu katelah ayeuna Gunung Bongkok. Lila-lila eta jeujeur nyanggut hiji lauk leutik hungkul nu matak ambek si Jonggrang. Kulantaran lapar manehna neangan dahareun terus manggihan tangkal jengkol meni leubeut kacida. Manehna terus ngahakan eta jengkol loba pisan nepi ka jengkoleun.

    Ambek ka tangkal jengkol di daerah dinya si Jonggrang Kalapitung nyupata kabeh tangkal jengkol nu aya didinya ngarah ulah jadi. Nya atuh ku supata eta nepi ka ayeuna di wewengkon Cisarua tara aya tangkal jengkol nu bisa jadi.

    Pembahasan

    Dongeng di luhur disebut dongeng sasakala nu nyaritakeun asal muasal hiji tempat atawa hiji kajadian. Loba pisan dongeng sasakala dina budaya Sunda jeung umumna dina budaya Indonesia. Contona sasakala dina budaya Sunda nyaeta sasakala Gunung Tangkuban Parahu, sasakala Talaga Warna, sasakala Situ Bagendit, jeung sasakala wewengkon Cisarua nyaeta dongeng Jonggrang Kalapitung ieu.

    Tangtu ku sabab ieu disebutna dongeng hungkul nya loba pisan nu pamohalan, nu penting mah ku urang cokot hikmahna.

    Pelajari lebih lanjut

    Ngeunaan sasakala:

    • brainly.co.id/tugas/2263457
    • brainly.co.id/tugas/7089698
    • brainly.co.id/tugas/10238568

    Detail jawaban

    Kelas: 7

    Mapel: 13 Bahasa Sunda

    Bab:

    Kode: 7.13

    #AyoBelajar

Pertanyaan Lainnya